B. Daerah

Pertanyaan

Hartina paribasa b.sunda:
- abong biwir teu diwengku
- tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
- leuleus jeujeur liat tali
- legok tapak genteng Kadek
- manuk hiber ku jangjangna
- ngawur kasintu nyieuhkeun Hayam
- lodong kosong sok ngalentrung
- rempug jukung sauyunan
- ngaliarkeun taleus ateul
- ngajul bulan ku asiwung

tolong dibantu ya:')

1 Jawaban

  • Paribasa nyaeta salahsahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa teh nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu maneuh sarta harti abu geus maneuh oge. Kukituna susunan kekecapan nu aya dina pakeman basa mah teu meunang dirobah atawa diganti-ganti sakahayang.

    Kadang-kadang paribasa sok pahili jeung babasan. Ciri anu utama tina babasan biasana babasan mah pondok, ngan saukur dua kecap. Sedengkeun paribasa biasana leuwih ti dua kecap. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila.

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta conto sawatara paribasa nu aya dina basa Sunda jeung hartina :

    1. abong biwir teu diwengku hartina ngomong sakarepna, ngomong teu jeung wiwaha

    2. tungkul ka jukut tanggah ka sadapan hartina junun nyanghareupan pagawéan anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.  

    3. leuleus jeujeur liat tali hartina dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana

    4. legok tapak genténg kadék hartina loba kanyahon jeung pangalaman

    5. manuk hiber ku jangjangna hartina nyaeta ngagunakeun akal dina lumampah

    6. ngawur ka sintu nyieuhkeun hayam hartina darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi nyapirakeun ka dulur sorangan

    7. lodong kosong sok ngagelendrung hartina jalma anu pangartina kosong tapi loba omong

    8. rempug jukung sauyunan hartina sahate jeung silih tulungan

    9. ngaliarkeun taleus ateul hartina ngabeja bejakeun kagorengan batur1

    0. ngajul bulan ku asiwung hartina miharep hal anu henteu asup kana akal bakal laksana

    Pelajari lebih lanjut

    1. Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529

    2. Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812

    3. Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631

    Detil Jawaban

    Kelas : IX (3 SMP)

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Paribasa, pakeman basa

Pertanyaan Lainnya