sebutkeun naon wae anu jadi sumber carita wawacan teh ?
B. Daerah
dwiSeptian1
Pertanyaan
sebutkeun naon wae anu jadi sumber carita wawacan teh ?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Wawacan
Kelas : XII (2 SMA)
Pembahasan :
Wawacan nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra, guguritan, sisindiran jeung sajak.
Kusabab wawacan teh eusina mangrupa carita, aya anu nyebut oge yen wawacan teh kaasup kana karya sastra wangun lancaran atawa prosa, nyaeta prosa buhun, saperti dongeng jeung carita wayang. Kukituna sumber carita wayang asalna bisa tina karya sastra wangun prosa, utamana wangun prosa buhun. Aya wawacan anu sumber caritana tina carita babad, carita para nabi, carita anu aya di daerah Jawa, atawa carita tina wayang saperti Mahabarata.
Sanajan wawacan teh eusina mangrupa carita, tapi eusi atawa rumpakana kaiket ku aturan puisi pupuh. Aya 17 rupa aturan pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Dina nepikeunnana pupuh sok dihaleuangkeun ku ngagunakeun tembang.
Pupuh anu aya dina Sekar Ageung sok dihaleuangkeun ku ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh anu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngan saukur sarupa tembang. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta wawacan jeung guguritan. Wawacan biasa ngagunakeun patokan pupuh anu aya dina Sekar Ageung wungkul. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit.